Dialog Imajinatif Green Peace jeung Purnawarman Ku : Asep - TopicsExpress



          

Dialog Imajinatif Green Peace jeung Purnawarman Ku : Asep Idjuddin Di Karaton Jayasingha, Sang Raja Purnawarman Dharma Mahapurusa, nuju lenggah dina korsi gading gilangkancana,nu bahanna tina batu hideung, lebah panyarandean dipapaes gurat-gurat emas ngawangun gambar nyiruan..Panganggona bodasan sanes tina sutra cina, tapi tinunnan ganassabrang. teu ditalian atanapi dikancingan, kulit dadana nu bodas sembada, dipasieup bulu ngajumpluk, diantep ngabuliglag. kahandapna lancingan saules, ditutup lawon dodot dua warna bodas-hideung, miturut warna bandera Tarumanagara. Sampeanana ditarumpah, tina kulit meong nu dibalikkeun. Mastakana dipapaes ku makuta salaka sisina dipasiep ku kulit meong. Basajan pisan keur ukuran raja mah. Di paseban, harita nuju mayunan dua jalmi istri pameget, nu cenah ngangken utusan ti GP, nu kantor puseurna ngancik di Swisserland. Nu duaan daratangna teh ti mangsa nu bakal datang. Sang Purnawarman maung Tarumanagara, saberesna merbayaksa Anehna komunikasi bet lancar. Dina dua basa nu beda, nu duaan make basa Inggris, Sang Mahapurusa make basa Sunda-kuno campur sansakerta. Ngariung disaksian ku prameswari, putri Iswari ti karajaan Kutai Bakulapura bari mamangkon putra cikal Mulawarman. Di gedeng-tengen manco Ki Patih Sundasawarna, nu kerung-kerung we ngabandungan nu nuju uplek gotrasawala. teu pira asalna mah tina panalek dua jalma nu jolna ti alam engke, nu ngaku anggota GP (Green Peace). Di gedeng-kiwa mencrong-saregep Ki Senapatiyudha Sang Cakrawarman, ingkang rayi Sang Maharaja, panglima perang nu tangoh cadu sumerah ka musuh. “Pun,sampun-paralun,SangMaharaja,”Ceuk Ki semah nu lalaki,sanggeus ngajelaskeun saha dirina jeung maksudna “Manawi kula kengeng terang, naon nu janten motivasi pangersa, ngadangdosan tujuh walungan sareng ngali dua walungan, Candrabaga, sareng kali Gomati di tatar Taruma? Sareng naha ngawangun karaton bet sisi cai,kumaha upami caah dengdeng?” “Hih ari ki silah, apan kahirupan rahayat kami mah, loba ngagunakeun cai. Sanajan melak bahan dahareun mah teu dicaian ge teu nanaon da di pasir ieuh. Tapi pan cai teh bibit kahirupan. Pikeun manusa satungkebing langit-satangkaraking jagat. Sarua kawasna di nagri andika ge kitu. Eta tujuh walungan teh,jaba ti keur kahirupan sapopoe, oge keur ibadah mathirta (mandi-suci) meresihan raga tina rereged, geugeuleuh jeung kokotor. Ari ngahagalkeun ka walungan Gangga mah, iraha boa, utamana keur rahayat. Sangeus kami mujasmedi sidakep sinuku tunggal nutup lawang pancadria, gorehel aya raratan, yen urang Taruma teu kudu ka nagri Bharata, cukup mathirta di walungan nu tujuh bae. Asal eta walungan kudu disucikeuin caina, dilancarkeun ngagulidagna. Datangna cai teu meunang aya hahalang. Tangtu sisina kudu dibenteng ngarah teu urug. Nyieun karaton sisi Tarumanadi, ngarah ieu karaton kabawa suci. Moal kajadian caah dengdeng, sabab kabeh walungan, dipiara, diriksa ti huluwotanna keneh, Mun rahayat butuh kai, pek wae nuar, sakabutuhan, ulah leuwih tina kabutuh. Kitu ge kudu dibarung ku melak bibit kai deui. Ti leuweung mana wae, kuma karep, iwal leuweung larangan. Mun aya nu bedegong, kumawani nuar kai ti leuweung larangan, inyana bakal ngemasi pati. Sabab di leuweung larangan, kami miara rupa-rupa sato galak, nu diaping ku banaspati, ti kajineman. Ari leuweung larangan teh aya tujuh tempat, luyu jeung medalna cinyusu nu jadi bakal huluwotan unggal walungan.” “Naha bet kedah tujuh, henteu genep atanapi salapan? Sareng walungan mana wae, anu dipidamel?” “Hemh..andika can apal goromyangan jagat Taruma. Rahayat Taruma, diaping dijaring ku tujuh pupuhu pohaci. Pohaci Tunjungherang, Tunjung Lenggang, Tunjung Hung, Tunjung Manik, Tunjung Putih, Tunjung Bumi, jeung Pohaci Tunjung Bwana. Jalan hirup keur nangtukeun jagat mangke, sanggeus bebas ti buana Pancatengah, aya tujuh. Ka dalapan keur disorang, Nyata jalan hirup ayeuna. Sakur nu dipilampah ku kami sa-ulungkujut, jeung rahayat kami, kabeh winangun bakti. Walungan nu digarap, nyeta; Ciujung, Cisadane,Cimandiri, Cilaki,Citarum, Cimanuk, jeung Cisuba”. “Maksad Maharaja, bakti ka lemah cai?” “Lain. Aya bakti murba, nurutkeun tahapan kahirupan, dasa prabakti. Anak bakti di bapa, ewe bakti di salaki, rahayat bakti di mandor, mandor bakti di mantri, mantri bakti di bopati, bopati bakti di dipati, dipati bakti di raja, raja bakti di dewa, dewa bakti di batara, batara bakti di Hyang. Sakur ucap, rengkak, paripolah, ngukur tapa di buana. Rek buniaga, rek tanen, rek moro, rek malika, Jucungna engke baktikeuneun ka Hyang, di alam-padang poe-panjang, alam puncak pangluhurna. Jadi mun wani ngaruksak leuweung, ngaruksak jagat bumi-suci, ngariged langit-akasa, ngadaki cai. Helas taya hartina. Sabab mo boga bawaeun ,baktikeuneun, ka Hyang, di paseban agung. Ana geus kitu, taya pitempateun deui, taya pangancikan deui, iwal alam-peteng nu meredong, hirup pacampur jeung sato, bari dibungkus ku agni. Alam sesa panghandapna” “Upami kitu, atuh mapagon kana patokan binarung sumebar asih? Asih ka diri, asih jati, asih ka sarakan-baligeusan, asih ka nagri, bekel asih ka Hyang. Endah temen, hirup di jagat Taruma”,ceuk semah nu awewe, ngengklokan. “Tapi Maharaja,” Pokna nambahan. “Pangersa, kawentar ka janapria, kaceluk ka awun-awun, Cenah, mun ngahukum sok kalangkung (tabepun), mun nyiksa nepi ka nista, naha moal, rahayat ngagarugu teh pedah sieun? Pedah (tabepun) Pangersa, kasohor kejem?” Ngadenge kitu, baturna nu lalaki,ngareret bari nyureng. Eta omongan dianggapna seukeut teuing, kumaha mun maharaja bendu. Kasawang duanana bakal perlaya, inggis disisit dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang. Boa poe ieu poe bungsuna, moal nempo deui matapoe. Dadana eungap, awakna semu nirisan, ngadegdeg, binarung tatalu-na jantung. Ngadangu kitu, Sang Whiyagragraha imut leleb, binarung hegar marahmay, taya sari-sari wera. Plong weh, rasa anggota GP nu lalaki, ngemplong, alahmanan neuteup cakrawala ti luhur gunung. Inyana ngarenghap bagja. Komo, basa Maharaja ngawaler alon-halon, aris manis, gentra pangambat jagat,” Numatak ge atuh, Nhay silah, Kai silah, ari narima beja teh kudu lengkep-gulangkep, ulah sabeulah-sapotong, sok numuwuhkeun goreng sangka, antukna ngewa miheulaan nyata. Nya kitu tutur batur nu sumawur mah, bari teu wanoh teu apal ka kami. Keun bae kuma karepna. Ngan nu pasti, pek tanyakeun ka urang Taruma, iraha kami kudu kejem, iraha kami kudu asih. Sagala ge kakurung waktu, kawates tempat. Kami kejem mun aya di palagan jurit, da taya pilihan, maehan atawa dipaehan. Nu jadi musuh kami, raja nu merod-bedegong, kumalungkung embung seba ka pandita, mumul ngurus rungkun kayu, tegesna leuweung dirambah digadabah, sato na diboro, lemahna diruksak. Prajurit atawa rahayat nu sambarangan nuar tangkal, padahal geus dibejaan. Miceun bangke sato ka walungan suci, padahal kuduna diruang. Cindekna, Jagatbatara, cai, laut, akasa tatar Taruma, embung geuleuh-keumeuh, ruksak-pasiksak. Ti mimiti basisir sabrang Rakata, nepi ka bagawan Serayu. Mun teu dikejeman, deudeuieun, nyolong bade, taya kakapok. rasamaneh, lalawora. Tapi ka nu ilubiung ngurus cai-suci, wana, giri, jeung laut, kami teu boga basa lebar. Rebuan sapi, jutaan keti dahareun, rebuan lambar pakean, dibagikeun. Ka pandita nu miara, ka rahayat nu haraat, ka prajurit nu gumati. Naha geus kadenge beja, Taruma ngajorag nagara lian di luareun tapel-wates? Naha geus ngadenge aya nagara deungeun, nu ngajorag ka Taruma? Kami jejem-kejem heuras-teuas, nyangkalak-ngababad ka sakur nu wangkelang tan ngariksa alam.” “Oooh.. leres, leres, Eta margina, leuweung weuteuh, cai bersih, langit lenglang, hawa hegar..taya urug gugur-gunung, taya caah bedah seah..bagja..bagja” Ceuk nu duaan bareng. “Pun, Sang Maharaja, sabaraha nagara nu kaauban ku Taruma, dugi ka ngawengku Tatar Taruma? Sareng kumaha cara ngaturna?” Tanya semah awewe, nu irungna bangir, buuk perang teh. “Mun diitung ti sabrang Rakata nepi ka sisi bagawan Serayu, mah aya 42 karajaan. Bewara kami jeung beja ti unggal wewengkon, ditepi keun, dina usum merbayaksa taun kali. Mun aya balabar-kawateun, cukup Ki Juru pangambat, ngajurung pranala ka unggal tempat. Pasti nepi jeung digugu. Sabab mun aya nu wangkelang, isuk jaganing geto, bakal kantohyan. Ana teu buru-buru ngarumat laku, ngomean lampah, nya nyanghareupan bahla-cilaka ka diri jeung kulawargana.” “Janten bewara diemboh ancaman, Nun?” “Salah! Tara jeung lain kitu. Tapi diembarkeun, diancoan waktu 3-4 bulan, mun taya tapak, kakara dibabandan”. Semah teh unggut-unggutan. Sabot kitu, teuing ti mendi-jangjina, teuing ti mana-datangna, kelewung teh, sora adzan, wanci lumingsir. Nu ngariung tinglalieuk binarung rasa heran nyaliara. Ngong aya sora tanpa rupa..”He, manusa, omat ulah nyieun karuksakan dina tonggong jagat jeung di laut, sabab sakur gawe gaplah, bakal malindes ka sarerea.” Cenah. Sang Mahapurusa Purnawarman, rep sidakep, bari peureum. Soloyong aya haseup bodas ipis ngurilingan korsi gading gilangkancana, les. Warugana tan katingal. Semah nu duaan gura-giru, kalalauar ti karaton, balik bari ngandung kahemeng nu teu kajawab.(tina www,salaka,net). Mugia aya mangfaatna..cag
Posted on: Thu, 04 Jul 2013 22:26:33 +0000

Recently Viewed Topics




© 2015