Poerbasasaka Ngemban bewaran Wangsit bihari Pun Tabe - TopicsExpress



          

Poerbasasaka Ngemban bewaran Wangsit bihari Pun Tabe Pun Sanapura hingsun Geus wancina kami nyaring dina antengna mangsa ngadaweung bari ngadangding. Sarta nyakseni na alam anu kiwari geus leungiteun ciri sakumaha anu jadi papagon patri, di mangsa alam kajayaan bihari. Horeng geuning sulaya dina panyangka, sakumaha wanti- wanti kami mangsa nitip nagri katut bangsa ka arandika. Sabab harita kami pamit, lugay di panggung lalakon kulantaran kami nyaah ka rahayat jadi korban ka dholiman. Jalma-jalma anu mindah rupa, kasarumahan ku ririwa jeung duruwiksa Rahayat kami di kakaya, dipaksa tur diperdaya jeung di kaniaya ku barayana pribadi anu jiwa jeung rasana geus khianat, dibeuli ku kadihinan diluar papakon anu sabenerna jadi hiji tangtu aturan kami pribumi. Rea rahayat kami nu ngahianat ka nagarana pribadi, robah rupa mindah rasa, robah ageman kasajatian kabawa ku sakaba kaba. Anu ahirna hirup lain diatur ku kapastian jati diri anu asli tapi jiwa geus dikungkung ku alam impian jeung harepan, sagalana nunggu buruhan, di bobodo, di bodokeun ku kabodoan bangsa anu bodo. Nya wayahna, kami lain kalalanjoan lalajo bari teu nenjo, da kami kungsi turun lisan janji anu masini. Mangke dina waktu ahir pasini yen kami datang tanpa wujud tur kami nyucap tanpa sora. Tapi kami deuheus, aya dina ciri wawangi jiwa-jiwa sajati para tuturus ,seuweu siwi anu satia mi tuha tangtu, sok sanajan badi di bendon boh ku paea wiku jeung pandita kiayi ulama anu geus nyalin jinis ydar sulaya dina papakon cara ciri ka bangsaannana. Para seuweu siwi nu pinuh rasa tanggungjawab kana papancen anu hiji nyata……. Masih satuhu mi agem : Eling…..ka dihin tangtu “Kami Tuhu ka dihin pinasti geus tinu boga widi Eling…..ka dihin tangtu “Kama……….. Tumut ka papagon luluhur nu jadi talari paranti sarta paragi.. ngala laku , ngamala laku sarta nga mi tur ngama laku Eling…..ka dihin tangru “ Nusa……...... Ajen ka Lemah Cai / Sawaraga titipanmurba hing suci... Hei.. Hei..
Posted on: Wed, 13 Nov 2013 01:08:23 +0000

Trending Topics



://www.topicsexpress.com/For-Sale-For-sale-through-no-fault-of-his-own-4-000-Firm-7-topic-768514396565934">For Sale: For sale through no fault of his own! 4,000 Firm 7
Im so torn right now! I loved not finding out what we were having

Recently Viewed Topics




© 2015