Sasakala Ngaran Gunung Tampomas Gunung Tampomas salah sawios - TopicsExpress



          

Sasakala Ngaran Gunung Tampomas Gunung Tampomas salah sawios gunung anu janten Taman Wisata Alam di Jawa Barat di Kabupaten Sumedang . Ti puncakna ‘Sangiang Taraje’, urang tiasa ningal panorama nu endah kota Sumedang jeung sabuderanana, aya oge makam karamat ‘Pasarean’,cenah patilasan Dalem Samaji & Prabu Siliwangi, kitu oge seueur lobang2 tilas kawah sareng batu2 ageung hideung, nambihan imajinasi endahna Gunung Tampomas. Kacaritakeun baheula beh ditueun baheula, gunung GedĂ© anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana, sorana ngaguruh, tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung, kawas-kawas arĂ©k bitu. Rahayat KabupatĂ©n Sumedang harita, anu imahna dareukeut ka gunung, pohara rareuwaseunana, kumaha balukarna lamun Ă©ta gunung teh bener-bener bitu ? Kanjeng Bupati (teu kacatur saha anu jeneng bupati harita teh),anu pohara towĂ©ksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana, ngarasakeun kumaha tagiwurna rahayatna. Ku pangjurung kanyaah ka rahayatna, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmĂ©di neda pituduh ti paradĂ©wa, susuganan ku jalan kitu, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna mangadep, dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpĂ©n kasumpingan hiji aki-aki, nganggo anggoan sing sarwa bodas , mere pituduh, sangkan rahayat bisa leupas tina kahariwangna, Ă©ta gunung kudu ditumbal ku pendok (duhung/keris anu landĂ©anana jeung sarangkana di-alus2,aya nu makĂ© seputan emas atawa pĂ©rak, malah aya nu ditarĂ©tĂ©s berelian atawa sosoca sĂ©jĂ©nna), pusaka kagungan anjeuna anu dijieun tina emas. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak gunung, rurusuhan da sieun bitu mantĂ©n. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tĂ©gaeun ngantep, bring baĂ© naluturkeun. Sadugina ka puncak gunung, Kangjeng Bupati teu talangkĂ©, ngan lung baĂ© Ă©ta pendok emas tĂ©h dialungkeun ka palebah anu ngĂ©wangna ( kawah ), bari sasauran : “ Tah, TAMPA EMAS ! ”, da kitu cenah kuduna, nurutkeun impenanna. Barang Ă©ta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun tĂ©h jempĂ©, lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagĂ©tna, timbul kabungah rahayat tĂ©h, ger baĂ© surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Tah, nya ti harita pisan Ă©ta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas.
Posted on: Thu, 12 Sep 2013 15:20:52 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015