Sasakala Ngaran Gunung Tampomas Gunung Tampomas salah sawios - TopicsExpress



          

Sasakala Ngaran Gunung Tampomas Gunung Tampomas salah sawios gunung anu janten Taman Wisata Alam di Jawa Barat di Kabupaten Sumedang . Ti puncakna ‘Sangiang Taraje’, urang tiasa ningal panorama nu endah kota Sumedang jeung sabuderanana, aya oge makam karamat ‘Pasarean’,cenah patilasan Dalem Samaji & Prabu Siliwangi, kitu oge seueur lobang2 tilas kawah sareng batu2 ageung hideung, nambihan imajinasi endahna Gunung Tampomas. Kacaritakeun baheula beh ditueun baheula, gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana, sorana ngaguruh, tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung, kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, anu imahna dareukeut ka gunung, pohara rareuwaseunana, kumaha balukarna lamun éta gunung teh bener-bener bitu ? Kanjeng Bupati (teu kacatur saha anu jeneng bupati harita teh),anu pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana, ngarasakeun kumaha tagiwurna rahayatna. Ku pangjurung kanyaah ka rahayatna, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa, susuganan ku jalan kitu, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna mangadep, dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki, nganggo anggoan sing sarwa bodas , mere pituduh, sangkan rahayat bisa leupas tina kahariwangna, éta gunung kudu ditumbal ku pendok (duhung/keris anu landéanana jeung sarangkana di-alus2,aya nu maké seputan emas atawa pérak, malah aya nu ditarétés berelian atawa sosoca séjénna), pusaka kagungan anjeuna anu dijieun tina emas. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak gunung, rurusuhan da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep, bring baé naluturkeun. Sadugina ka puncak gunung, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta pendok emas téh dialungkeun ka palebah anu ngéwangna ( kawah ), bari sasauran : “ Tah, TAMPA EMAS ! ”, da kitu cenah kuduna, nurutkeun impenanna. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé, lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh, ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Sumber : Blog2 Sasakala Gunung Tampomas Sasakala Ngaran Gunung Tampomas Gunung Tampomas salah sawios gunung anu janten Taman Wisata Alam di Jawa Barat di Kabupaten Sumedang . Ti puncakna ‘Sangiang Taraje’, urang tiasa ningal panorama nu endah kota Sumedang jeung sabuderanana, aya oge makam karamat ‘Pasarean’,cenah patilasan Dalem Samaji & Prabu Siliwangi, kitu oge seueur lobang2 tilas kawah sareng batu2 ageung hideung, nambihan imajinasi endahna Gunung Tampomas. Kacaritakeun baheula beh ditueun baheula, gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana, sorana ngaguruh, tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung, kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, anu imahna dareukeut ka gunung, pohara rareuwaseunana, kumaha balukarna lamun éta gunung teh bener-bener bitu ? Kanjeng Bupati (teu kacatur saha anu jeneng bupati harita teh),anu pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana, ngarasakeun kumaha tagiwurna rahayatna. Ku pangjurung kanyaah ka rahayatna, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa, susuganan ku jalan kitu, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna mangadep, dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki, nganggo anggoan sing sarwa bodas , mere pituduh, sangkan rahayat bisa leupas tina kahariwangna, éta gunung kudu ditumbal ku pendok (duhung/keris anu landéanana jeung sarangkana di-alus2,aya nu maké seputan emas atawa pérak, malah aya nu ditarétés berelian atawa sosoca séjénna), pusaka kagungan anjeuna anu dijieun tina emas. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak gunung, rurusuhan da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep, bring baé naluturkeun. Sadugina ka puncak gunung, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta pendok emas téh dialungkeun ka palebah anu ngéwangna ( kawah ), bari sasauran : “ Tah, TAMPA EMAS ! ”, da kitu cenah kuduna, nurutkeun impenanna. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé, lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh, ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Sumber : Blog2 Sasakala Gunung Tampomas
Posted on: Fri, 13 Sep 2013 15:25:05 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015