Toroktok..tok..tok.. Kacaritakeun dina perang Bharatayuda poe ka - TopicsExpress



          

Toroktok..tok..tok.. Kacaritakeun dina perang Bharatayuda poe ka 4, pasukan amarta kabeh ngabring ka medan perang Kurusetra, ngan batalion anu dipimpin ku Bima anu can indit lantaran komandanna nyaeta Bima euweuh ditempat... Pandawa 4 nyaeta Duryudana, Arjuna, Nakula jeung Sadewa baringung ku euweuhna saurang pandawa.... Arjuna : cing urang teang ditendana meureun... bisi kasarean !! # bring opat pandawa teh neang ka tendana Bima, pas tenda dibuka nyaan weh Bima aya bari keur ngahuleung jeung ngoprot ku kesang.... Arjuna : kakang Bima... hayu urang perang kakang, Kurusetra geus nungguan urang ! Bima : (teu ngajawab, ngan melong ka beungeut Arjuna) Duryudana : aeh.. aeh.. kunaon yayi Bima, rek perang poe ieu mah asa teu sumanget kieu siga lain ksatria wae...kunaon yayi... sieun ? Bima : heunteu kakang... aing mah moal ngeper ngalawan saha wae ge... Nakula&Sadewa : kakang teu raraos ? Bima : hmmm.... kakang sehat yi.... Duryudana : tapi naha bet teu kaluar tenda yayi.. pasukan yayi geus narungguan.... aya masalah naon ieu teh sok bebeja ka kakang.... Bima : eu.. eu... kaula kawiwirangan kang... Duryudana : wirang kunaon ? Bima : eu.. eu.. eu.. kaula ka.. ka.. kabusiatan kang !! Padawa 4 : peuuuuh... pantesan didieu asa bau waduk... hanyiiiing... ( ngalaleos bari jeung narutupan irung ) Jreeek noooong.....
Posted on: Thu, 24 Oct 2013 09:03:50 +0000

Recently Viewed Topics




© 2015