Angin ngahiliwir alon Niup maju ka kulon Bèntang baranang - TopicsExpress



          

Angin ngahiliwir alon Niup maju ka kulon Bèntang baranang nyaangan Marengan hatè ngambah panyawangan Sora jangkrik ngecrik mirigan Gaang ngalokan kawas sora panayagan Berebet lamunan lumpat jauh Ngudag kalangkang nu jadi bangbaluh Saringkak salira Ngageuing rasa mokaha Katineung marojèngja Bèbèakan ngarasula Peuting nambahan jempling Hatè teu elat mièling Wilujeng wengi baraya,haturan kasadayana!
Posted on: Mon, 12 Aug 2013 14:40:54 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015