#Mang odang si Pengusaha mebel(furnitur), Aya hiji pengusaha - TopicsExpress



          

#Mang odang si Pengusaha mebel(furnitur), Aya hiji pengusaha mebel ( furniture ) asal kampung legok hanseur nu katelah Mang Odang, hiji mangsa manehna indit ka prancis(awas lain parapatan ciamis ) si mang odang rek ningali pameran mebel diditu. Beurangna ka pameran, peutingna manehna indit ka nitklab.....caritana mah rek refreshing. Di nitklab teh manehna panggih jeung hiji awewe geulis orang prancis pakeanana seksi , nya ku manehna teh disampeurkeun ka mejana......... ..Ku sabab teu bisa nyarita ( bahasa prancis tea....) nya si odang teh nyokot kertas, tuluy ngagambar gelas eusi minuman jeung es batu maksud rek nawaran inuman, si awewe ngunggeuk, tyuluy we mang odang pesen minuman jang duaaneun..,Geus kitu...si mang odang ngagambar deui lalaki jeung awewe keur dangsa maksud rek ngajak dangsa....si awewe ngunggeuk deui.......langsung we nu duaan teh ka lantai dangsa. Beres dangsa.....baralik deui ka mejana ............ Kusabab si awewe jigana awewe bangor alias jablay, ayeuna gantian Si awewe urang prancis tea ngagambar tempat tidur, jeung dua jalma keur sare maksudana ngajak taeun........eta gambar teh ditingalikeun ka si mang odang..,.Ningali gambar eta.....beungeut si mang odang langsung robah semu atoh , pokna teh : Bener pisan, ,,geuning anjeun mah bisa nyaho yen kuring teh pengusaha mebel,,,nya mangga wae rek pesen mebel mah di kuring loba,,,sok sabaraha hiji mesena,,,neng???*bari nembongkeun foto2 koleksi mebelna disaku calanana si awewe prancis ukur gogodeg bari ngaleos,,,,,
Posted on: Mon, 21 Oct 2013 14:03:53 +0000

Recently Viewed Topics




© 2015