Pangalaman anu ka 13 hiji waktu kuring keur di imah nungguan imah - TopicsExpress



          

Pangalaman anu ka 13 hiji waktu kuring keur di imah nungguan imah da bapak jeung indung kuring keur nyaba ka jakarta aya ondangan pasangan sehidup semati anu di gelar ku ibu negara tah bapak jeung indung kuring teh kapilih sebagai peserta na harita teh ari kuring mah nungguan imah weh bari hoream beberes...sajam kemudian kuring kadatangan jalma anu ngaku2 jadi RT setempat,, padahal RT di kampung kuring teh nyaeta mang ujang priatna anu tiada lain eta RT teh emang kuring sorangan.. Cag weh eta RT teh diuk tina bangku luar anu ngan saukur di pindingan make kaen lawon spanduk urut iklan salah sahiji partai...... Memang harita lamun kuring ngasupkeun jalma teu wawuh osok di luar imah sabab di luar oge kuring mah aya sasaungan anu di jieun tina awi gombong...tuluy bakat ku eweuh modal kuring sok nyokot spanduk di jalan terus di bersihan terus weh di pake dinding tina saung ngarah buni,,, hehehehe pan teu kasiri teuing amun di jalan mah.. Luhur eta panggung teh kira2 sa meter lah luhur nateh lebar na mah ukur 2 meter pasagi,,, song weh goreng hui jeung teh manis ku kuring di suguhan ka jalma anu ngaku2 jadi pak RT teh...kuring nyarande kana lawon spanduk anu jadi pinding tina eta saung aduuuh asa ku ngeunah jaba angin sepoy2 heheheheheh ngobrol tah kaitu kadieu ningali kuring nyarande kana eta kaen,,, membuat pak RT kabitaeun hahahaahahah jiga na maneh na oge hayang nyarande tah,,, bener pisan eta pak RT nyarande kana kaen spanduk teh heheheheh tuluy nundutan,,, tapi lila2 eta kaen teh leupas hahahaahah kabayang eta pak RT tijuralit tina saung anu luhurna sameter gkgkgkkgkggk lagrag tah pak rt... Uyuhan atuh da eta kaen spanduk teh di pageuhan ukur ku paku payung hungkul..jadi eta saung teh ngadadak caang lantaran kaen spanduk na leupas di sarandean ku si RT,,, kopeahna leupas tapi awak na nambru di handap jaba barangkal hungkul pas kuring keur mantuan pak RT tiba2 bapak indung kuring datang tah colohok ningali eta si RT keur nyagap cangkeng bari panon na peupeureudeuyan nahan kanyeri kumis na nyingsat terus kameja na kusut gkgkgkgkgkgk kueing teu kuat hayang seuri ku kuring di jelaskeun amun eta teh gara2 saung anu make pinding ngan saukur bahan kaen lain bahan awi,,, isuk na bapak kuring meuli triplek ka haji mangsur pikeun magehan pinding,, jadi lawon spanduk teh di ganti ku triplek ayeuna mah ngarah aman,,,, tah ku kuring di jero saung di tulisan.... DILARANG BERSANDAR BILIH TIJURALIT,,,,,,
Posted on: Tue, 08 Oct 2013 06:39:49 +0000

Trending Topics




© 2015