Ilaharna poe lebaran, sok loba jalema anu ngadon nyekar ka - TopicsExpress



          

Ilaharna poe lebaran, sok loba jalema anu ngadon nyekar ka kuburan. Kasampak aya lalaki sebut wae mang Qomar keur nyeungceurikan tilu kuburan. kabeneran harita jang ikin keur nyekar oge ka kuburan ucing na, nempo paripolah eta Mang Qomar jang ikin jadi panasaran. Ikin: Mang, wios tumaros kuring..? eta kuburan anu tilu teh, kuburan saha wae, geuning diceungceurikan kabeh? Mang Qomar: anu ieu mah kuburan pun bojo, Sapuluh taun kapengker tilarna teh, ngaleueut baygon jang..!! Ikin: ari ieu kuburan nu kadua saha Mang? Mang Qomar; Ieu oge sami kuburan pun bojo keneh. tilu taun kapengker tilar dunyana teh. Sami deuih ngaleueut baygon oge..!! Ikin; ari nu ieu saha? kuburan putra na nya? Mang Qomar: hiss, sanes jang..., Ieu oge sami kuburan pun bojo..,Nembe sataun maotna teh, kenging musibah, tulang tangkorakna remuk..!! (bari ceurik) Ikin: euleuh-euleuh, geuning ngangge bencar sagala. Panginten alatan tabrakan pupusna nya ? Mang Qomar: His, sanes atuh jang. Bencar tulang tangkorakna teh pedah kusimkuring dibabuk ku linggis, da bongan anjeuna nolak wktu d titah nginum baygon..!! Ikin: harr..!! (gagaro sirah ku suku) # teu kungsi lila torojol petugas rumah sakit jiwa# Petugas: pa Qomar hayu uih..tos bade sonten ..(bari nyeukel leungen na) Mang Qomar: aim..aim.. ihh.. aku mh mw didieu ajj ahh..! Petugas; enya keun enjing kadieu deui nya,,!! (d olo d bere permen cokor) Ikin: ajiirrrr teh.., uing titadi ngobrol jeung nu gelo geuning..!! (nepak tarang ku sendal) wilujeung wayah kieu baraya..!!
Posted on: Thu, 25 Jul 2013 07:07:11 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015