Jiang Zemin Orang Garut ? Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin - TopicsExpress



          

Jiang Zemin Orang Garut ? Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?" Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003" Kabayan : "Uiii hebat euy ..." Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah." Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??" Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos Abah : "Dasar si borokokok !!" Budak jeung Emana Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana. Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?" Emana : "Salapan bulan salapan poé !" Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?" Emana : "Tilu taun !" Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?" Emana : "Tilu taun ogé !" Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir) Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup) Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!" Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR) Ngagagambar Jurig Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim. Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?" Mbah Rewok : " Kuntilanak !" Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?" Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !" Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?" Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah." Tim : ?!@# Ngajawab Soal Ujian Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna." Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh d. Die Hard II - Can Paeh Keneh e. Die Hard III With A Vengeance - Nya’an euy Hese Pisan Paehna f. Bad Boys – budag bedegong g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor i. Here’s Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon? j. Mission Impossible - Moal Bisa k. Titanic - Tilelep l. Paycheck - Nganjuk Heula m. Reign of Fire - Beubeuleuman n. Original Sin - Tara Ka Mesjid o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul p. Silence of The Lambs - Embe Pundung q. Ghost - Jurig Kasep r. Bad Boys - Budak Baong s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy? t. Home Alone - Tinggaleun u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu! w. The Awakening - Hudang Sare x. After The Sunset - Tereh Maghrib
Posted on: Fri, 05 Jul 2013 05:11:13 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015