Kitu pan sipat jelema mah. Sok réa kahayang. Kahayang nu can - TopicsExpress



          

Kitu pan sipat jelema mah. Sok réa kahayang. Kahayang nu can tangtu kahontal. Kahayang nu mun dipikir-pikir mah asa ngarawu ku siku. Kahayang nu saenyana mah ngan diukur "jidar" duniawi. Kahayang nu boa antukna matak cilaka alatan dina ngudagna sagala didupak, sagala dirumpak. Kahayang ukur kahayang. Babaturan hayang boga imah. Nu hiji hayang meuli meuli mobil. Nu hiji hayang sakola deui. Nu hiji hayang kawin. Nu hiji hayang nyandung. Sarua, babaturan gé réa kahayang. Ari kahayang kuring naon? Sok nanya ka diri sorangan. Naon saenyana nu keur diudag téh? Kasenangan nu saharitaeun? Harta nu lubak- libuk ngarah ditempo ku batur? Umum, sigana. Hayang salamet dunya ahérat. Hayang hirup jeung huripna. Hayang ulah piomongeun batur. Hayang ulah nganyerikeun batur. Hayang bisa barangbéré. Hayang nyenangkeun kolot. Hayang boga budak soléh... weuh, geuning réa pisan. Kumaha ngudagna? Ah, moal diudag-udag teuing. Da geuning kahayang mah siga kalangkang sorangan. Hésé katéwakna. Ceuk nu tatarucingan mah, diudag lumpat di dagoan cicing. Nya kari nganti waktuna baé. Ari kahayang saderek naon??
Posted on: Mon, 02 Sep 2013 09:49:21 +0000

Trending Topics



:0px; min-height:30px;"> Are any of my beautiful UK friends able to visit Gloucester

Recently Viewed Topics




© 2015