LIRIK LAGU POP SUNDA MANG DARMAN VOC : doel sumbang mang - TopicsExpress



          

LIRIK LAGU POP SUNDA MANG DARMAN VOC : doel sumbang mang darman Mang Darman........ mang darman urang sadang serang geus tujuh taun dagang jeruk ditanggung teu tangtu dimana mangkalna, nu pentingmah asal rame weh tempatna lamun kudu nyaritamah nya tangtu cape nanggung jeruk unggal poe indit isuk balik sore bari bati teu sapira, ngan nya kudu dikumaha? da ngan sakitu kanyataanana komo deui mang darman teh boga anak nu masih di SMA keneh kaperluananateh loba kacida da geuning ayeunamah sakola teh sagala duit waduk ongkoh wajib belajar, nya wajib mah tinggal wajib tapi ari keur nu sangsaramah anggeur we sesek nafas kungsi hiji waktu budakna mang darman teu meunang asup sakola kulantaran tilu bulan ncan mayar SPP mang darman bati ngahelas da rek kumaha deui puguh hirup sakitu-kituna komo apan dagang jerukmah teu tangtu hayang beak satanggunganteh bisa sapoe bisa sabulan nya kusabab eweuh deui jalan, nya kapaksa mang darman nginjeum nginjeumna ka saha deui mun lain ka tukang rentenir da puguh ari tatangganamah sarua wae imah nu ngan sagede kandang monyet teh suratna dijadikeu jaminan lamun waktu malikeun leuwihna teh ditangtukeun sakitu persen na da geus puguh tukang rentenir mah ti baheula ge leuwih edan tibatan ucing garong leuwih edan tibatan ucing garong karunya teuing mang darman eukeurmah hirup kapencet, aya nu nambah ngagencet uyuhan teu pejet, tapi aya hikmahnamah anggeur tisaprak boga hutang mang darman beuki getol kana dagangna unggal poe udar ider susuganan jeruk teh beak aya bati rada leuwih rek dipake nyicil utang tapi dasar jalma mun keur sial sagala ge matak owal keur nagog di hiji jalan, jeruk acan payu2 acan burunyul rombongan satpol pp mang darman katewak tuluy tanggunganana diangkut kana truk mang darman bati gogodeg basa nampa kaputusan yen tanggungan jeung jerukna kudu ditebus sakitueun. wereuh opat poe ti harita mang darman niat rek nebus da kabeneran aya duit sisa panginjeuman ti ucing garong tea sing horeng geuning sing horeng tinggal tanggunganana jerukna teuing kamana, duka dilegleg ku saha eugh mang darman, tong kaget mang darman hirupmah pinuh ku deudeuh mun keur seuri cape seuri, mun keur ceurik cape ceurik tog kaget mang darman, bangsa urangmah rea nu aneh kahandap ngagalaksak, kaluhur leletah kahandap teu napak, kaluhur teu kahontal tong pipilueun urangmah mang darman, bae da dodojamah biasa ceuk kolot2 urang tea mah hirup pinuh dodoja teh lir ibarat leumpang nanya engke pas nepi ka puncak sok manggih pamandangan endah, pan kitu? :D
Posted on: Tue, 16 Jul 2013 14:17:56 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015