Majalah Mangle No.2432, 4-10 Juli 2013 HALTEU KADUNGORA Ku - TopicsExpress



          

Majalah Mangle No.2432, 4-10 Juli 2013 HALTEU KADUNGORA Ku Usép Romli HM Aweuhan degung ngungkung. Mirig lagu “Salam Tepang”. Ngabagéakeun para wisudawan wisudawati katut para tamu, nu nungtutan daratang ka aula Sabuga. Jajap anak asuh tiluan, nu poé éta rék diistrenan jadi sarjana. Nu saurang administrasi niaga. Saurang deui téknologi komputér. Saurang deui manajemén. Diutang-itung, nu tiluan ieu téh, nu kadua puluh genep ti mimiti ngurus jeung nyakolakeun barudak pahatu lalis, taun 1994. Nu pangheulana, masih kapiadi, keur kelas dua SMP, ditinggal maot ku bapana. Disambat nepi ka tamat SMA. Ari pék meunang panggilan ti IPB, jalur PMDK. Budakna sumanget hayang neruskeun. Lebar. Teu kudu milu tésting anu loba itu ieu tur can puguh lulus. “Asal daék saayana. Asal jucung. Ulah pegat di satengahing jalan, “budak diwawadian Unggeuk. Ongkoh tuman hirup prihatin. Opat taun kuliah, bisa bérés. Geus diistrénan jadi sarjana kahutanan, biur ka Kalimantan. Digawé di hiji pausahaan Hak Pengelolaan Hutan, nu geus nyangcang ku béa siswa ti keur seméster genep kénéh. Taun hareupna, dituturkeun ku “adina”. Anak asuh nu sarua di IPB. Ngan béda jurusan . Ti pertanian ieu mah. Sarua deuih langsung digawé. Di Riau, di pausahaan multinasional, nu geus nyangcang ku béasiswa ti béh ditu kénéh. Geus aya anak asuh mandiri, tur boga pangasilan rada mucekil, gedé haté nyakola nyakolakeun barudak du’afa nu daratang ménta diurus. Saeutikna, siap modal keur asup. Ka dituna mah, bekel saaya-aya rejeki barudak ngaliwatan sodaqoh infaq ti para dermawan. Ayeuna tiluan, nu kadua puluh genep, lulus paguron luhur. Insya Alloh, bakal gancang mareunang gawé da widang kasarjanaanana kaasup nu réa diperlukeun. Insya Alloh, bakal bisa nagrojong “adi-adina” nu séjén, sakumaha maranéh dirojong ku “lanceuk-lanceukna” papada anak asuh nu ngalaman nyeri peurih hirup pahatu lalis, lieuk euweuh ragap taya, iwal ti kanyaah jalma nu haat ngurus jeung ngajeujeuhkeun sapopoé pikeun nyorang harepan pikahareupeun. Antrian di tempat panarimaan tamu, lumayan panjang. Malah pagegelek. Barudak nu rék diwisuda mah geus arindit kana barisanana masing-masin g. Saléngkah-saléngkah, antrian maju. Kahalangan ku saurang, di hareupeun aya awéwé umur 60an. Gemeyek. Sabot ngalieuk ka tukang, karérét beungeutna. Najan geus rada karijut, asa teu kapalingan. Kacamata nu dipakéna, ujug-ujug ngoleabkeun ingetan ka mangsa opat puluh taun ka tukang. Ka Daniati. Kacamata nu ngabogaan daya tarik husus pikeun lalaki nu patepung teuteup jeung manéhna. Pangangguran nyebut ngaranna lalaunan sabot manéhna tungkul ngeusian daptar hadir. Gancang ngalieuk. Nelek-nelek. “Iyus nya?”manéhna rumegog nanya. “Muhun. Émut kénéh geuning?”ngajawab dibarung nyéréngéh. “…..Piraku poho….”manéhna nyikikik laun. Meg kana angen ngadéngé eta kalimah. Kawilang mindeng diucapkeun ku manéhna baréto. Cutatan tina sajak “Setatsion Kadungora, bulan Méi”. Ngan baréto mah bari nyegruk. Bari paheneng-heneng. Bari sasalaman pinuh geter perasaan. Terus pisah lalaunan. Sababaraha kali dina surat, kalimah “piraku poho” sok jadi bumbu catur ti kajauhan. Matak nambahan nineung jeung nalangsa. Wawuh ukur opat bulan. Bet kudu pegat sapisan. Geus bérés nanda daptar hadir, teu gancang asup. Néangan pangdiukan di émpér aula. Sili tanya kaayaan. “Jajap Si Bungsu wisuda. Panungtungan manawi. Lanceuk-lanceuk tiluan, tos bérés sababaraha taun kapengker. Iyus jajap wisuda deuih ?”manéhna gorocok. Kawas baréto. “Muhun. Tiluan. Nu kaduapuluh opat, kaduapuluhlima sareng kaduapuluh genep.” “Ah, piraku ?”manéhna ngaranjug. “Putra pituin?” “Barudak asuh. Pun anak pituin mah, panungtungan diwisuda taun 2006. Tos masihan incu tilu.” Uplek ngawangkong ka ditu ka dieu. Persis opat puluh taun ka tukang. Tara ngaleunjeur. Naon baé nu inget, dicaritakeun. Kaayaan pribadina gé ukur saliwat wé. Cenah, salakina maot genep taun ka tukang. Cenah, manéhna karék pangsiun sataun ka tukang. “Iyus mah da teu teras jadi guru,nya ? Kaluar ti PNS ogé nya?”manéhna neuteup seukeut. Persis opat puluh taun ka tukang. Kaciri ayeuna mah, kacamatana minus. Rada kandel. Teu jiga baréto, kacamata fantasi nu nambahan sari. “Pan saprak dikantun ku Nia, teras ngacapruk….Cul bae jadi guru, jadi PNS mah,”némbalan ku sora peura. Rada kaselek ku panineungan lawas. “Kawas heulang kapakan, nu kadungsang-dungsang….”deui-deui manéhna nyutat kalimah tina salah sahiji sajak nu kungsi ditulis basa nyanghareupan poé-poé panungtungan rék mungkas lalakon. Diteuteup. Manéhna malik neuteup. Tapi gancang nyalénggorkeun ku pertanyaan : “Maé gé lapur nya?” “Lapur….”sora ngeleper. “Kawas Nia wé, lapur !” Ngong pengumuman ti panitia. Nitah para tamu ondangan asup ka rohangan tempat wisuda. Acara rék dimimitian, jeung panto arek ditutup. “Mangga tuh, Yus…”manéhna cengkat. “Korsi nomer sabaraha?” Kartu ondangan diilikan. “K-36. Nia ?” “H-40. Yu atuh, keun sugan aya nu kersaeun tukeur tempat. Ambéh urang ngaréndéng…..”manéhna miheulaan ngaléngkah. Persis opat puluh taun ka tukang. Ngan pédah béda gégag. Ayeuna mah rada kendor. Bubuhan ngalintuhan jeung ngolotan. Teu lincah kawas keur umur dua puluhan. Laksana bisa diuk ngaréndéng. Aya nu daékeun pindah tilu jajar ka hareup jeung ka nu daékeun ngised ka gigir. “Kadé ieu sanés halteu Kadungora….”manéhna semu nyikikik. “Ih, mani émut kénéh….”dicoba dicelok. “Saha nu hilap. Moal bisa hilap ka dinya mah……”sorana semu katahan. Kusiwel kana tasna. Ngaluarkeun notes. Terus nulis diselang ku hulang-huleng. Hymne universitas keur dihaleuangkeun ku grup rampak sekar mahasiswa. Dipirig sora piano padu manis jeung biola. Bet mangpéngkeun panineungan ka mangsa opat puluh taun ka tukang. Harita Niai jeung papada baturna guru-guru ngora, ngahaleuangkeun lagu “Syukur” dina acara milangkala PGRI. Taun 1975 harita téh. Keur ceuyah pangangkatan guru Inprés. Barudak lulusan SPG nu ngalanggur mangtaun-taun, kabéh dibisluitan. Ngan réa nu dipecengkeun ka nu jauh. Ti Bandung rereana mah, disebar ka Garut, Cianjur, Sukabumi. Malah ka Sérang, ka Pandéglang sagala rupa. Untung kénéh Nia sabatur-batur ditugaskeun ka Kadungora. Di kotana deuih. Aya opat welas urang. Keur meujeuhna mojang jekékan. Dina rampak sekar, réa guru Inpres angkatan anyar nu kasebut geulis. Malah ceuk Pa Jamhur, guru senior, taya saurang ogé nu goréng, boh rupa boh tangtungan. “Hanjakal urang gancang teuing lahir….”pokna heureuy. “Heueuh, urang gé hanjakal waka kawin…..”Pa Tohir némpas. Panonna teu lésot-lésot nencrong ka panggung. “Tuh nu katilu ti katuhu, pangméncrangna….Mun urang bubujangan kénéh, dikubet. ” Téténjoan Pa Tohir teu salah. Mémang éta pangméncrangna. Deukeut-deukeut ka Yattie Octavia. Tapi nu pinuh daya tarik mah, itu tuh nu kaopat ti katuhu. Kacamata fantasi nu dipakéna, pas pisan kana keureutan beungeutna. Nu matak ,barang tarurun tina panggung, gancang muru nu dikacamata wé. Gedé haté pédah bubujangan kénéh. Najan geus boga papacangan ogé, Maé , nu keur kuliah di IKIP. “Saé soantenna, “kitu mimiti muka lawang wawanohan ka “Si Kacamata”. “Ah, saur saha……Kadangu kitu? Pan rampak sekar. Sora seueuran. Sanés anggana sekar,”témbalna bari ngalaan kacamata. Dielap ku parantina. Rap deui. Wawuh wéh ka Daniati téh. Sok pada nyebut Bu Ati. Ngajar di SDN I. “Raos nya ujug-ujug di tengah kota,”rada digonjak. Da boga dulur, lulusan SPG Garut taun 1972, meunang tugas di Bayah, pakidulan Banten. Untung lalaki. Tapi da nu awéwé gé, di Garut mah paling deukeut ditugaskeun di Ciséwu atawa Caringin. Leuheung ari urang Bungbulang mah, salelewek kénéh. Ieu mah barudak awéwé urang Limbangan. Ti pakaléran dipernahkeun di tungtung pakidulan. Loba nu ceurik. Runghak-renghik hayang dipindahkeun ka sakola di lemburna nu deukeut ti imah. “Alhamdulillah,”témbal Bu Ati.”Pa Iyus di mana?” “Tebih di Cisaat. “ Ti saprak wawanohan, ampir unggal poé, gok deui gok deui, lantaran aya kagiatan olah raga jeung kasenian, nu ngalibetkeun guru katut murid. Atuh beuki omhang wé. Mindeng dahar bareng, pédah kabeneran atawa ngahaja diajak, di warung nu nyayagikeun pais jeung goréng lauk atawa hayam, lalab sambel sapuratina. Tempatna laluasa, boh dina korsi méja makan, boh ngampar sila. Deukeut setatsion karétaapi Kadungora. Sakali waktu, tas dahar, manéhna ngajak ningalian kaayaan statsion. Wangunan heubeul. Buatan jaman Walanda. Teuing taun sabaraha. Ngan geus kasebut-sebut ku Muhammad Ambri, dina buku “Numbuk di Sué” nu medal taun 1932. “Raos mun calik di ditu…”manéhna nunjuk kana bangku jati di buruan péron, deukeut tempat kaluar asup panumpang . Kaayaan statsion sepi. Da langka aya karétaapi eureun. Ukur pangliwatan wungkul. Nu matuh eureun, karéta api “Jim Wést” jurusan Cibatu-Purwakarta, nu indit ti Cibatu nyubuh. Eureun di statsion Kadungora, pukul satengah genep. Engké balikna ti Purwakarta, eureun di Kadungora, pukul genep magrib. “Ati mah resep da kana karéta api….”pokna barang geus gék diuk. Ngaréndéng. Nyanghareup ka jajaran erél. Di béh dituna ngaplak pasawahan nepi ka wates suku gunung Kalédong jeung Haruman. “Euh, kutan Nia resep kana karéta api?”lahlahan teu nyebut ngaran Nia, nénéhna tina Daniati. “Niai?”manéhna neuteup semu héran. “Muhun Niai. Bu Ati mah saur batur. Saur Iyus mah Nia.” “Mangga atuh ari kapalay Pa Iyus kitu mah,”manéhna imut. Beungeutna rada nyiak. Ngawangkong aya kana dua jamna. Kapegat ku adan lohor. Jeung inget kana kawajiban ngurus barudak murid nu keur milu tandang makalangan, dipingpin ku guru séjén. “Énjing hoyong calik deui di dieu,”c ék manéhna, semu kalékéd rék cengkat téh.”Resep nyawang pasawahan makplak. Angin ngahiliwir….” “Iyus gé hoyong. Urang sareng deui wé atuh énjing calik di dieu…”nyobaan ngocal-ngocal. “Mangga, kersa mah….”panonna satukangeun kacamata, ngagurilap. Boa némbongkeun ka bungah. Isukna, wayah kitu, dariuk deui dina urut kamari. Tacan bener ngajar jeung diajar da masih kénéh dipaké kagiatan. Jadi nyalsé pisan. Ngobrol beuki nyosok jero. Ka ditu ka dieu. Kana sagala rupa perkara. Kaasup kana soal pribadi. Kana urusan cinta. Lebah dinya, manéhna rada ngaheruk. Ngarasa teu léah dipapacangankeun ku kolotna ka barayana kénéh. “Lulus ti SPG taun 1971, Ati nganggur . Teu aya pengangkatan guru. Aya dulur ti pihak pun biang, tos déwasa, tos gaduh damel, bubujangan kénéh. Nya Nia dirérémokeun ka dinya. Papacangan heula. Tukeur cingcin. Rencana nikah sasih sasih ieu. Ari pék Nia kénging tugas ka dieu. Janten teu cios heula. Duka sasih-sasih payun…..” “Nuhun wé tos téréh geuning. Iyus mah duka iraha da nu diantosan kuliah kénéh. Pameng nembé tingkat tilu. Hoyong hatam dugi ka sarjana saurna,”némbalan ngabérag-bérag manéh. Ngarumasakeun haté ujug-ujug maskét ka Ati. Kari-kari kitu geuning. Turug-turug Maé amleng kénéh. Asa boga alesan keur néangan panglumpatan. “Iyus onaman ngantosan gé bari dihias ku cinta. Ari Nia?”manéhna malik neuteup. Kacamatana burem. Aya cipanon ngeyembeng. “Hanjakal Iyus kapayunan…..”asa meunang jalan keur ngedalkeun angen-angen. “Nia gé hanjakal….tos aya nu meungkeut….”manéhna ngasongkeun ramo kénca. Nembongkeun jarijina geus dibeulitan ali meneng. Sirahna ngulahék kana taktak. Buukna diusapan. Beungeutna didangheuakkeun. Kacamatana dilaaan. Cipanonna diusapan ku saputangan. Tapi Ati ngadon sumegruk. “Iyus, kedah kumaha Nia? Kedah kumaha ieu perasaan Nia ka Iyus?”manéhna eueuriheun. “Sami Iyus ge kedah kumaha?” haté beukah ku kabungah. Geuning teu nogéncang. Peutingna gulinggasahan teu daék saré. Ngagutrut nulis sajak sababaraha judul. Teu dikonsép heula. Langsung didurugdug dina mesin tik. Sora keprok di aula, mapag wisudawan wisudawati nu diistrénan, megatkeun lamunan. Ongkoh Nia noél. Mebeskeun lipetan kertas kana dampal leungeun. “Aos engké di luar, nya….”manéhna ngaharéwos. Nompo pisan. Persis opat puluh taun ka tukang dina bangku péron statsion Kadungora. Ngan teu luas neruskeun, kawas baréto ngaléndot teh tuluy digalémoh. Diselang ku sili teuteup ti kadeukeutan bari sili haréwoskeun ngaran. Paingan cék Albérto Moravia, bujangga Italia abad 20 nu kamashur. Wanoja téh sumber énérji jeung imaji pangarang. Dina novel “Ciciara” (1957), nu hartina “Dua Wanoja, ieu bujangga kalahiran taun 1907, wafat 1990 téh, ngaku, yén réa karya-karyana ngagolontor, sabada tepung lawung jeung para wanoja. Tepung lahir,tepung batin. Nu matak karya-karya Alberto Moravia mangaruhan gedé pisan ka para pangarang “pop-erotik” Indonésia taun 1960-an, kawas Motinggo Busye, Asbari Nurpatria Krisna, Abdullah Harahap, jeung sajabana, saparakanca. Acara lekasan. Manéhna pamitan mulang ti heula, kadua budakna, dijajap ku supir. Sabot nungguan barudak tilu daratang, kertas ti Nia dibuka. Eusina, omat-omatan sangkan ngalongok statsion Kadungora. Jiga kumaha ayeuna, jeung kumaha kesanna. “Diantos laporanana via sajak atanapi carpon,”cenah. Tadi ogé mani hantem nyarita, pajahkeun, teu asa jauh jeung Iyus da sajak jeung carponna kabaca terus. Di dinya ogé aya cutatan sajak “Halteu Kadungora” nu kungsi dibaca babarengan ku duaan, dua tilu poé saméméh pajauh. Bari diuk pagégéyé dina bangku péron.Dipirig hiliwir angin jeung sora récét manuk di sawah jeung di palataran péron. Harita langit kaleungitan méga Harita galéjra kaleungitan pangeunteupan Katiga Angar Harita bulan jeung panonpoé Bencar dina sesemplékan haté. Méméh kalimah “harita bulan jeung panonpoé”, diselang ku piligenti nyebut ngaran. Bari sili teuteup. Sili bikeun kageugeut. Ditungtungan ku rambisak nu ngaburemkeun kacamatana. Malah kalimah “piraku poho” ogé aya ditulis ku manehna dina éta surat : “Kalimah “piraku poho” teu weléh dikedalkeun ku Nia. Enya, basa urang kaluar ti statsion, ngalangkung ka kantor pos, bras ka jalan raya. Nia harita langsung mulang ka Bandung. Neraskeun jangji nu geus digurit dina ciri jariji. Hanjakal Iyus mah bet bolay ka Maé. Moro julang ngaleupaskeun peusing……” Kalimah “piraku poho” nu dimaksud ku Nia , aya dina sajak “Setatsion Kadungora, Bulan Méi” : Warna-warna tulisan geus dipulaskeun Dina témbok setatsion Nu ropoh ku kakolotan Najan ngan ku rindat panon Rupa-rupa caritaan geus dibalakakeun Dina bangku setatision Piraku poho : sabot tungkul balem ngaheneng Méméh kedal angen-angen nu disidem Kuring sadar, tuluy ngaheneng Jariji anjeun dibeulitan ali meneng Piraku poho : bari ngaléos Nyimpang heula ka kantor pos Ngirimkeun surat kilat pikeun alamat Cinta urang nu teu kebat. Mawa kabungah, tilu anak asuh réngsé diwisuda, kari neruskeun léngkah perjuangan saterusna dina raraga ngoméan nasib jeung cita-cita. Bari mawa kasusah nedunan paménta Nia, kudu néang setatsion Kadungora. Hartina kudu néang tapak lacak baheula nu pinuh ku dosa jeung mamala. “Robbana la tujigh qulubana ba’da idhadaitana wahablana min ladunka rohmatan innaka antal wahhab, “sajajalan haté ngunikeun du’a kapancegan. Ulah nepi ka galideur deui ku kalakuan nu enggeus-enggeus, lantaran ayeuna geus ajeg dina niat katut tujuan nguatan kaimanan jeung amal soléh pikeun mupus dosa nu enggeus-enggeus. Dosa nu ceuk Albérto Moravia “tepung lahir, tepung batin” jeung para wanoja sumber kalinuhungan karya. Pamadegan nu tangtu papalingpang jeung anutan akidah katut kasadaran kana kaimanan jeung kaislaman. Lalakon jeung Nia, nu baheula, nu ayeuna, tutup lawang sigotaka sabada bérés wisuda anak asuh nu kadua puluh genep, nu diajangkeun keur jalan amal soléh katut taubatan nasuha.*** Catetan : Sajak “Setatsion Kadungora, Bulan Méi, dimuat dina buku kumpulan sajak “Sabelas Taun” (1979). Saméméhna kungsi dimuat dina Majalah Manglé, tur kasinugrahan Hadiah Sastra Manglé taun 1976. Sajak “Halteu Kadungora”, dimuat dina buku kumpulan sajak “Nu Lunta Jauh” (1990), bagéan kahiji nu make subjudul “Runtah-Runtah Jahiliyah”. Saméméhna kungsi dimuat dina SKM Giwangkara.
Posted on: Sat, 06 Jul 2013 03:31:53 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015