“...Nanaon ogé ngabogaan niléi hadé jeung goréng. Kaasup - TopicsExpress



          

“...Nanaon ogé ngabogaan niléi hadé jeung goréng. Kaasup élmu agama, pan urang Walanda gé, basa dék ngajajah kayakinan urang, maranéhna ngulik heula agama Islam. Conto lainna: barang-barang jieunnan jalma kapir. Ari maslahatna gedé keur urang mah nya paké wé. Da Nabi gé nyontoan carana muamalah jeung jalma nu lain Islam...” Ti kalimah ka kalimah ku kuring dilenyepana, dicindekkeun. Laju cenah ngalayang dina setatus. Sakapeung mah tara disebutkeun timana-timanana nyutat téh, ngarah ngacirikeun meunang sorangan. Sugan wé kabaca ku manéhna. Dianti-anti pisan, manéhna nga-like. Komo mun geus manéhna ngomentar, bari jeung nyebut “tad”. Irung ngapung ka suhunan. Kuring optimis, “tad" téh singkatan tina ustad, lain tina kecap murtad. Batan nunggu nu can tangtu, mending nuluykeun ngaderes. Ayeuna mah leuwih peraktis, da geus nyampak dina tablét. Lawang anyar dibuka. Asa tanggel. Beuki lila, asa beuki loba. Kur dibaca saliwat wé, bari jeung teu di-like-like acan.
Posted on: Sat, 24 Aug 2013 07:11:11 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015