Kari nungguan. Cenah mah lebaran téh poé kemis. Bari sararéa - TopicsExpress



          

Kari nungguan. Cenah mah lebaran téh poé kemis. Bari sararéa gé parok. Moal aya nu pasalia. Atawa séwang-séwangan. Jigana aya kénéh waktu sapoé deui, keur Ki Dulur anu rék mudik ka lembur. Peupeujeuh nya! Upama rék mudik téh : Ka hiji : Lamun rék kana kapal udara atawa kapal laut, omat ulah rék ménta diturunkeun di satengahing jalan. Bisi tikerelep. Ka dua: Cenah aya ogé anu rék kana beus atawa travel. Tah, ilikan sing imeut. Bener mobilna? Atawa kumaha? Bisi dina béh-na odong-odong! Pan cilaka tilu-las. Ka tilu : Lamun geus diperjalanan aya nu méré dahareun, alusna tong ditampa. Bisi geus diparancahan! Der.... urang téh jadi weureu. Hadéna mah, pénta wé atahanana, nya éta duitna. Lumayan keur fitrah. Ka opat : Omat teuing ulah mamawa barang-barang anu baradag-kandel, kayaning : tv, kulkas, mesin paranti nyeuseuh, gentong watertoren, jeung sajabana. Ka lima : Eta mawa salin tong angkaribung teuing, da lain deuk kilir, pan ? Ka genep : Aya alusna, upama pamajikan anu di imah, tong dibawa, tong diajakan. Karunya bisi capéeun. Heug entas kumawula beurang-peuting. Mending ogé ngarah jejem mah, mawa "ban sérep" ngarah tingtrim. Nya kitu deui barudak pihapékeun ka nini-akina, mitoha urang. Ka tujuh (pamungkas) : Upama mawa mobil sorangan, éta mobil tong dijual. Najan perlu duit keur meuli sawah di lembur. Mending gadékeun ka Pakgadé. Ké, upama teu katebus, "ban sérep" atawa pamajikan sampeuran tea keur gantina nebus. Sakitu, nya, Lur !! Wilujeung Boboran syiam hapunten lahir sinareng bathin
Posted on: Tue, 06 Aug 2013 21:38:16 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015