UMAT AHIR JAMAN -- mapag Romadon! "Duh Gusti nu Maha Luhur, ngan - TopicsExpress



          

UMAT AHIR JAMAN -- mapag Romadon! "Duh Gusti nu Maha Luhur, ngan ka Gusti sadaya tapakur abdi nu ngalajur napsu, seuri dina hirup nu pakéwuh." Taun 2005 pun uing dihiras nulis rumpaka lagu ku Asep Supriatna nu harita nyutradaraan dramatisasi puisi “Bagus Rangin” (Ajip Rosidi) -- pikeun acara tepung taun Kang Ajip ka-67 nu harita digelar di STSI. Éta rumpaka téh eusina katunggara jeung karumasa urang Sunda nu dianiaya di wewengkon Jatiwangi-Cirebon sakumaha anu dicaritakeun dina sajak “Bagus Rangin”. Duka kumaha, éta rumpaka bet henteu jadi dihariringkeun. Jadina asana dibaca digorowokkeun ku uing ti tukangeun panggung. Tegep tur dramatik naker ieu dramatisasi puisi nu dimaénkeun ku para mahasiswa Jurusan Sunda UPI téh. Hanjakal harita henteu disyuting dijieun dokuméntasina. Nyaah pisan kana éta lagu téh sarta ku uing sok mindeng dihariringkeun bari nginghak mun ahir bulan keur engap-engapan….:) Taun 2012, saméméh Romadon taun kamari, aya pembantaian umat Islam di Rohingya. Luar biasa ieu peristiwa téh, leuwih biadab tibatan tentara Israel ka urang Palestin. Pembunuhan massal, genosida. Umat Islam diboro siga sato, imahna diduruk, awéwéna diperkosa, jalma-jalma diparaéhan di mana-mana ku urang Budha jeung tentara Myanmar. Uing harita nyuuh, ceurik ngagukguk sorangan. Ras inget kana lagu nu tadi. Tuluy diropéa kekecapanana, dijudulan “Umat Ahir Jaman” sarta dirékam ku Saung Sastra. Éta sababna gambar-gambar ilustrasi dina ieu vcd dipasieup ku peristiwa katelengesan manusa di Rohingya. Ieu lagu kungsi dicemplungkeun ka Youtube, ngarah bisa kabandungan ku nu lian. Harita rék dikirimkeun ka Komnasham jeung ka PBB, ngan teu pareng. Ieu dipindo posting téh étang-étang pamapag sasih Romadon nu tos karaos haeubna! Bilih aya nu palay hahariringan karokéan, disayagikeun musik minus-one-na (instrumentalna), tiasa dikintun kana inbok sareng rumpakana. Nanging omat ké nyanyina teu kénging bari jogéd.… :) Sing saha baé nu ngaregepkeun atawa ngariringkeun ieu lagu, pamugi sing janten jalmi soleh, tebih balai parek rejeki, tur ditampi iman Islam-na…. :) youtube/watch?v=cBAJ2TiE2t8
Posted on: Sun, 30 Jun 2013 14:21:39 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015