Gerentes Hate Kacipta mangsa katukang lalakon anu geus - TopicsExpress



          

Gerentes Hate Kacipta mangsa katukang lalakon anu geus kasorang Dina lamunan kasawang rasa ciptaan ngalangkang Hawar-hawar sora gitar tembang na ditalar Caang bulan narawangan lir ampir nandingan beurang Langit teu aya panghalang estu plung plong mega lenglang Matak betah tumaninah keur ngabungbang Kiwari bati ngageuri,ati cerik balilihan Harepan ukur lamunan,mapaesan katungara’an teuteup kalangkung pinuh ku kahoncewang Imut teu purun lir nyanding kacangcayaan. Harepan hate asa wegah rek lumangsung Tapi yakin dina diri,percaya kana pakta karana widi ti Illahi jati diri pasti ngabukti jati moal kasili ku junti Ratug jajantung, ngarasa kaduhung sagede gunung, peurih ati lir di gerihan ku hinis, kasaha nya rek muntang? Kasaha neangan keur panyaluuhan? Lieuk dengeun lieuk lain jauh kasintung kalapa Ya Allah Rabbul izzaati, welas asih anjeun pasti,ka mahlukna,sim abdi nyuhungk eun di jaga ,di raksa ,di aping sareng di jaring. Sumujud abdi ka Anjeun Nu Luhur Tur Maha Agung ibadah sareng sumembah nyuprih barokah ijabah
Posted on: Mon, 28 Oct 2013 13:02:19 +0000

Trending Topics



Recently Viewed Topics




© 2015